NAFSU
Nafsu aya tilu :
1. Nafsu Amarah
Jelema anu kaancikan nafsu amarah biasana betah dina salah. Diajak bener teh kalah amek. Teu betah dina bener.
Nafsu amarah lir ibarat kuda anu kakara ti leuweung, linghas, galak, kahayangna teh sosogot, teu bisa dikadilan, hese ditumpakan, kalahka nyengkedkeun, resep ngamuk nepika anu bogana kawalahan.
Supaya kuda heunteu linghas, bisa dikadalian ku anu bogana, bisa ditumpakkan, bisa atur , kuda anu kitu kudu dilatih.
Kukituna , jelema anu kaancikan nafsu amarah kudu dibina, dididik, diajar ku rupa-rupa kabutuhan hirup sangkan manehna bisa migawe naon anu sakuduna.
2. Nafsu Lawamah
Nafsu lawamah lir ibarat kuda anu gues dilatih anu tadina mah teu bisa ditumpakan , ayeuna bisa ditumpakkan,kalawan nurut kana kahayang anu bogana, tapi masih keneh sok nyengkedkeun. Nya ari karek nyengkedkeun bisa dilatih deui, bisa diteangan naon sabab musababna.
Jelema anu kancikan nafsu lawamah , narima kana bener, tapi masih osok keneh milampah anu salah anu teu meunang anu dilarang ku aturan, sok jorojoy hayang milampah kagorengan ,tapi heunteu salilana kitu, bisa ngadalikeunnana,buru-buru manehna geuwat tobat.
3. Nafsu Muthmainnah
Ari nafsu muthmainna mah teu betah kana salah, betah salilana dina bener.
Hirupna tentrem, pinuh ku kanyaah, kaasih anu jadi Pangeran.
Teu bisa ari kudu ngelehkeun nafsu 100% mah, tapi urang kudu bisa ngadalikeun nafsu musuh urang sarerea,
Ari musuh urang aya 4 :
1. Setan
2. Nafsu sorangan anu aya dina awaknasorangan.
3. Dunya
Bakat ku kabromboy ku haliah dunya, aya jelema anu buburuhna ngabunuh papada jelema.
Aya deui awewe, alatan ku kadesek ku halayah dunya, kabutuhan sapopoena awewe ngajual kahormatanna.
4. Jalma anu dolim.
Tinggalkan Balasan