Abiazmi’s Weblog
Just another WordPress.com weblog

Ahli Sunnah Wal Jama’ah

  1. 1. RAMALAN ROSULULLOH SAW.
  1. Numutkeun hiji Hadis riwayat Abu Dawud, Rosululloh Saw. Kantos ngadawuh

Hartosna : Mangka satemenna sing saha diantara maraneh aya nu dilarangkeun panjang umur tna saba’da wafat kami, pasti bakal ningal/nyaksi kana pertentengan-pertentanagan, anu pohara di kalangan umat kami.

Mangka hade-hade sing paratuh kana sunnah kami jeung sunnah para khulafaur rasyidin anu marenang pituduh anu baener (tegesna Khulafaurrasyidin sahabat-sahabat Abubakar, umar Utsman, Ali r.a), maraneh kudu ngareumbing kana eta  sunnah, sarta cekel deleg masing pageuh.

  1. Dina hiji hadis anu diriwayatkeun ku Imam Taobroni, Rosululloh Saw, ngadawuh kieu :

Hartosna ; Demi dzat anu diri Muhammad aya dina genggemanana (tegesna demi dzat Alloh Swt), nyta bakal pecah umat kami jadi 73 firqoh (golongan). Nu safirqoh di Surga, nu 72 deui mah di naraka. Rosululloh nya eta : AHLUSSUNNAH WALJAMA’AH.

Upami urang ngabandungan kana perkembangan sajarah saba’da wafatna Rosullulloh Saw. Tetela sakumaha anu di ramalkeun ku anjeuna the, ngajadi kanyataan..

Tujuh belas tahun saba’da wafat Rosululloh SAW muncul hiji firqoh anu nyeleweng tina ajaran sunnah Rasul,anu saterusna dituturkeun ku datangna firqoh-firqoh anu sejen anu patukang tonggong.

Dina jangka waktu kurang leuwih saratus taun, umat Islam jadi dalapan firqoh. Anu safirqoh patuh kana sunah Rosul jeung sunah Khulafaurrasyidin. Nu tujuh firqoh deui mah nyeleweng.

Firqoh anu patuh kana sunah Rasul, harita can umum disebut Ahlussunnah

waljama’ah, tapi disebut “Jumruhul- Muslimin” tegasna mayoritas (kalolobaannana) kaom Muslimin. Anapon jumantarana sesebutan Ahlussunnah waljama’ah , dina katompernakeun abad katilu (tingali kaca …)

Firqoh anu tujuh deui nu nyeleweng the nyaeta nu kasebut : SYI’AH, KHOWARIJ, MURJIAH, MU’TAZILAH,NAJJARIYYAH,JABARIYYAH, MUSYABBIHAH (MUJASSIMAH)

Eta firqoh-firqoh nu tujuh the, kaitung golongan kecil (minoritas) tapi cukup ngajadi gangguan/bahaya kana kerukunan jama’ah Islam.

Dina tahun 35 H. waktu sayidina Utsman nembe lima tahun nyepeng jabatan Kholifah, sala sahiji firqoh geus hasil nimbulkeun kaonaran jeung kakacoan umum di kalangan masyarakat Islam, ku ngayakeun gerakan pemberontakan jeung pembunuhan terhadap kholifah Utsman, anu negakibatkeun tambah ngaegaanana jurang-jurang pertentangan, jeung nerekabna fitnah-fitnahagama dikalangan masyarakat kaom Muslimin. Akhirna nepi ka timbul perang sadulur papada kaom Muslimin. Nya eta nu disebut perang “Siffin” jeung perang “Jamal”, kalawan nimbulkeun korban kaom Muslimin, anu lain saeutik jumlahna ( langkung paos ninggalian dina kitab Itmamu-wafa fi saeril-khulafa).

  1. AHLUSSUNNAH WALJAMA’AH DINAS ZAMAN SOHABAT

Rosululloh Saw. Wafat nagntunkeun para sohabat anu baris neruskeun tugas risalah (ngahirupkeun syare’at Islam), kalawan ngantunkeun dua pusaka, nya eta Qur’an jeung Sunnah (Hadis) sebagai sumber pokok hokum syare’at Islam.

Dina hiji hadis riwayat Imam Malik, Rosululloh Saw. Ngadawuh  kieu :

Hartosna ; kami ninggalkeun di lingkunagn maraneh, dua pusaka, moal kasasar maraneh, sapanjnag nagreumbing pageuh kana eta dua pusaka, na eta kitabulloh (Al-Qur’an) jeung Sunnah Rosul (Hadits).

Al-Qur’an sebagai undang-undang poko. Hukum-hukum anu dimuat dinas Al-Qur’an poko-pokona atawa gurat badagna (global) wungkul, anapon perincian jeung tata pelaksanaanana mah dijeulaskeun dina sunnah.

Basa Al-Qur’an estu bias kecap-kecap anu jero susudeun ma’nana. Kaluburan bilagahna jeung kaunikan (kaistimewaan) uslubna basa, pikeun niruna Al-Qur’an. Disebutna ge “Mu’jizat” anu hartina “ngepaskeun”.

Mangka pikeun mahamkeun ma’na, ajaran jeung hukum-hukum anu dikandung dina Al-Qur’an, ngabutuhken kana ka ahlian anu husus jeung panaara anu jembar dina bidang Sunnah jeung dina bidang basa katut sastra arab, kurangna kaahlian, bias ngakibatkeun ngaco dina mahaman hkum tina Al-Qur’an.

Diantara para sohabat anu skitu lobana, ngan aya sababaraha urang bae anu bias digolongkeun ahli dina bidang hokum Islam, anu nonjol elmu pagaweruhna tina ajaran/hokum-hukum anu dikandung dina Alqur’an, kulantaran tadina raket pisan sareung Rosululloh Saw. Sasat sagulung sagalang. Aranjeunna sacara kontinyu (terus menerus) nampi ajaran wahyu Al-Qur’an jeug tuntunan/penjelasan Haids ti Rosululloh Saw. Bari sapopoena merhatikeun kana tindak-tanduk, cara-cara jeug conto-conto ti Rosululloh dina ngalaksanakeun hokum-hukum/kawajiban syare’at Islam, boh syare’at ibadah boh syare’at mu’amalah, katurug-turug kasartaan ku kacerdasan pahamna, kakuatan hafalannana jeung kajembaran elmu pangaweruhna tina bidang bahasa jeung sastra arab.

Nya aranjeunna (para ulama sohaby), anu saba’da wafatna Rosululloh Saw.jadi pamungpungan umum jadi pananyaan balarea, tina masalah-masalah hokum agama, boh anu tumali jeung aqidah (kapercayaan) boh urusan Ubudiyyah (peribadahan), mu’amalah jeung siasah (kanagaraan).

Aranjeunna mampuh maparin fatwa-fatwa hokum jeung mecahkeun masalah-masalah anu timbul ti masyarakat, kalayan dimasar kana dalil Qur’an jeung Hadis. Atuh lamun teu aya rengkol dalilna dina Al-Qur’an jeung Hadist, nya kujalan Qiyas, tegasna ku ngabanding-banding kanu geus aya dalilna dinas Al-Qur’an atawa Haids bari kantun tina musyawarah anu ngahasilkeun Ijma (mupakat) nu disebut ijma Sohaby. Kadang-kadang aya perbedaan papahaman antara eta para Ulama Sohaby.Kadang-kadang aya perbedaan papahaman antara eta para Sohaby, ngan teu sakumaha lobana. Umumna mah sok sapagados bae.

Belum Ada Tanggapan to “Ahli Sunnah Wal Jama’ah”

Tinggalkan komentar