Uskut atawa Ngomong
“Lolobana anu ngagebruskeun kana naraka teh alatan, kusabab tisoledat lisan.”
Kusabab kitu, lamun aya piomongeun anu merenah, anu ngeunah kadengena, anu manfaat pikeun sorangan jeung anu lain, pek omongkeun kalawan hade nepikeunnana.
Sanajan alus deui ari teu alus mah nganepikeunnana , moal bet bisa katarima ku anu ngadengena.
Lamun sakirana aya anu matak raheut hatena lamun seug ditepikeunnana, leuwih hade ”uskut” ngabetem, cicing heunteu ngomong, da diomongkeun oge matak ngamadaratkeun.
Tapi , lain boga harti sakabehna anu kitu ulah dicaritakeun. Ari kitu mah pikeun nepikeun ”amar ma’ruf nahi munkar” , sing kalah kumaha pait oge , ari kabeneran mah tetep kudu ditepikeun, ngan dina bab nepikeunna ulah matak ngaraheutkeun hatena.
Memang, ari mimiti mah bakal matak ngaraheutkeun, alatan boga rasa bener, boga rasa ”dipapatahan ngojay ka meri, dipapatahan ngapung ka manuk ” jeung sejen-sejenna.
Lamun seug terus dilenyepan mah ku manehna, justru sakuduna nganuhunkeun, geus dibejaan, dielingan naon kakuduannana, atawa paripolah manehna teh geus salah, anu matak ngamadaratkeun ka manehna sorangan.
Aya anu pinter, aya anu bodo dina bab ngomong.
Ari bedana, ”anu pinter” mah samemeh ngamimitian ngomong , mikir heula , naha anu bakal diomongkeun teh bakal aya manfaatna pikeun dirina jeung keur anu diajak ngomongna. Naha anu diomongkeun teh bener atawa salah ceuk hukum agama, jeung kudu kumaha cara nganepikeunnana. Istilah sepuh mah, ”Ari ngomong kudu dibeuweng diutahkeun”.
Lamun seug kitu, moal aya istilah ngabohong, kusabab ngomongna teh dumasar kana fakta, data jeung dalil anu kuat, lain fitnah anu matak ngahasut atawa ngarendahkeun darajat atawa martabat atawa ngaburantakkeun anu diajak ngomong.
Beda deui jeung ”anu bodo”. Ari anu bodo mah lamun ngomong tara jeung adeuh, tara seug dipikiran heula., sangeunahna kumaha kahayangna, anapon rek raheut , rek henteu, teu masalah pikeun manehna,. Arek bener, arek salah, naha sapagodos jeung hukum, fakta jeung data atawa heunteu, masa bodo, teu dipikiran kumanehna mah. Anu pokona pikeun manehna mah asal ngeunah sorangan bae.
Balukarna kalakuan kitu, teu saeutik batu, pedang ngalayang , bedog ngadek, linggis nubles kana usus, balati nubles kana kana ati jelema.
Seuneu ngaduruk imah, pasar, toko, kantor, kebon,leuweung jeung sajabana.
Dor dar di ditu- di dieu perang rongkah teu katulungan manusa lir ibarat sato hewan, teu boga ras-rasan, loba anu parna, boh di pihak lawan atawa di[ihak manehna sorangan.loba anu teu kua-kieu , teu boga dosa loba anu sangsara alatan ditinggalkeun maot ku bapana, indungna, dulur-dulurna jeung sajabana.
Tungtungna mah ancur baruntakan. Lamun seug arek dibenerkeun deui teh ngabutuhkeun biaya , tanaga jeung pamikiran anu kacida lobana.
Mugia , ieu tingkah polah teh ulah nepika karandapan ku urang sadaya. Amiin.
Tinggalkan komentar