Abiazmi’s Weblog
Just another WordPress.com weblog

Qodlo Jeung Qodar

Beda –beda pamanggih dina masalah Qodla jeung Qodar, diantarana :

 Ceuk Ahli Sunnah : Manusa ngabogaan naon anu disebut Kasb Ikhtiari dina pagawean-pagaweanna Dimana manusa arek migawe salah sahiji pagawean, Alloh nantukeun atawa nyiptakeun eta amal pagawean . Manusa dihisab dumasar kasb ikhtiari.
 Mu’tazilah : Manusa sorangan anu nyieun pagawean. Manusa dihisab dumasar kana pagaweaannana. Sabab , manehna sorangan anu nyiptakeunnana.
 Jabariyah : Alloh nyiptakeun manusa sarta pagaweannana. Manusa dipaksa migawe pagaweanna jeung heunteu laluasa milih. Ibaratna bulu anu diapungkeun angin kamana wae.hiberna.

Naha manusa dipaksa migawe pagawean hade jeung goreng , naha dibere kalaluasan milih?Naha manusa dibere kalaluasaan milih migawe hiji pagawean atau heunteu migawe na eta pagawean, atawa heunteu pisan dibere hak keur milih (Ikhtiari)?

Dina kahirupanna manusa bakal manggihan dua lahan:

1. “Lahan anu bisa dikawasa manusa”, nyaeta aya dina kakawasaan manusa jeung sakabeh kajadian anu aya ngajadi dina pamilih manusa sorangan.

Manusa ngalaku kalawan narima dina aturan anu dipilihna, naha eta syari’at Alloh atawa syariat anu lainna.

Dina hal ieu, ngajadi kajadian atawa pagawean anu asal ti manusa atawa ngeunaannana alatan kahayangna sorangan.

Umpamana , manehna leumpang, nginum, jeung iinditan, iraha wae sasuka hatena , iraha wae meunang ditinggalkeunna..

Manehna ngaduruk ku seuneu jeung motong ku peso, luyu jeung kahayangna .

Nyakitu oge , manehna muaskeun kahayang seksualitasna, kahayang ngabogaan barang, atawa nedunan kahayang beuteungna luyu jeung kahayangna.

Kusabab kitu sakabeh pagawean manusa anu dilakukeun dina lahan ieu bakal ditanya jeung dipenta pertanggungjawabanna.

Sifat jeung cirri nu aya dina barang anu paeh, naluri, sarta kabutuhan jasmani anu geus ditakdirkeun Alloh SWT. eta teh geus baku/tangtu , ngabogaan pangaruh anu ngahasilkeun pagawean, tapi lain sifat jeung cirri anu ngalakukeun pagawean, manusa pisan anu ngalakukeunna dina waktu ngagunakeun sifat jeung cirri kasebut.

Umpamana , dorongan seksual (ghorijul nau) ngabogaan potensi kahadean jeung kagorengan .
Nyakitu oge ngarasa lapar anu aya dina kabutuhan jasmani, sarua ngabogaan potensi kahadean jeung kagorengan. Tapi nu ngalakukeun kahadean jeung kagorengan manusa sorangan, lain instink atau kabutuhan jamanina.

Sabab Alloh SWT. geus nyiptakeun akal pikeun manusa. Jeung dina tabiat akal diciptakeun kamampuhan ngarti jeung ngabogaan awahan.

Kusabab kitu, Alloh geus nunjukkeun ka manusa jalan anu hade jeung anu goreng, sakumaha dawuhan Alloh SWT. Surat Al Balad ayat 10, anu hartina :”Geus nunjukkeun Kami ka manehanna dua jalan hirup ( hade jeung goreng ).”

Alloh ngajadikeun dina akal kamampuhan keur ngiker-ngiker mana pagawean maksiat jeung mana pagawean anu hade (taqwa) , sakumaha dawuhan Alloh:

Tarjamahna : “tuluy mikeun kana jiwa manusa potensi pikeun ngagawean anu maksiat jeung anu taqwa.” ( QS. Asy-Syama (91) :8)

Cikdekna, lamun manusa ngamuaskeun dorongan naluri jeung kabutuhan jasmanina luyu jeung parentah Alloh jeung cegahan-Na. , ngandung harti manehna geus ngalakukeun kaalusan jeung aya dina jalan taqwa.

Ngan lamun manusa ngalaksanakeun/nedunan dorongan naluri tina pangabutuh jasmanina bari mungpang tina parentah Alloh jeung cegahanna , ngandung harti manehna geus ngalakukeun pagawean goreng jeung aya dina jalan dina jalan kamaksiatan.

Tah dina dua kaayaan tadi, ngan manusa anu ngahasilkeun pagawean. Teu malire , naha pagawean eta hade atawa goreng, jeung heunteu kalawan ningali deui naha pagawean eta asal tina dirina atawa anu ngeunaannana.

Manehna sorangan oge anu nedunan kabutuhannana kalawan mungpang parentah Alloh jeung cegahan-Na kalawan mungpang parentah Alloh jeung cegahan-Na, nepika kaasup geus nyieun kagorengan.

Dumasar kana ieu hal, manusa dipenta tanggung jawabna tina sakabeh pagawean anu ngajadi dina lahan anu dikawasana.

Tuluy dibere ganjaran atawa siksaan , gumantung pagaweanna.
Sabab , manehna ngalakonannana kalawan pinuh narima teu ngarasa kapaksa saeutik oge.

Sanajan sifat jeung cirri naluri jeung kabutuhan jasmani eta asal ti Alloh, sarta potensina pikeun ngalakonan pagawean hade jeung goreng oge asal ti Alloh, ngan Alloh heunteu nyiptakeun sifat jeung cirri eta anu aya dina wangunan anu bisa maksa manusa pikeun ngalakonan hiji pagawean , boh pagawean eta dipikaridlo ku Alloh atawa dipikangewa-Na. , boh mang rupa pagawean goreng atawa hade.

Ngaduruk aya dina sifat jeung cirri seuneu, umpamana,heuteu dicipatkeun pikeun maksa manusa ngaduruk, boh anu hade anu dipika ridlo atawa dipikangewa-Na, ngan dijadikeun Alloh supaya bisa ngabogaan fungsi dimana digunakeun ku manusa dina wangunan anu pas.

Kitu oge , dina waktu Alloh nyiptakeun manusa tur naluri jeung kabutuhan jasmanina, sabari dijieun –Na oge akal anu sanggup ngabeda-bedakeun .

Tah dibikeun-Na oge ka manusa kalaluasaan milih dina ngalakonan pagawean , atawa ninggalkeunna sepi tina ngarasa dipaksa.

Alloh moal pernah nyieun sifat-sifat jeung ciri-ciri barang, naluri, atau pangabutuh jasmani anu jadi salah sahiji anu bisa maksa manusa pikeun ngawujudkeun hiji pagawean atawa ninggalkeunna.

Kusabab kitu, manusa laluasa ngalakonan hiji pagawean atawa oge ninggalkeunnana kalawan ngagunakeun akalna, anu bisa ngabeda-bedakeun jeung geus dijadikeun panyarandean taklif kawajiban syare’at.

2. “Lahan anu nguasa ka manusa” , nyaeta ngajadi pagawean atawa kajadian anu heunteu aya ulubiung manusa saeutik oge, boh eta mah pagawean atawa kajadian anu asal tina dirina atawa anu ngeunaan ka dirina.

Kajadian-kajadian dina lahan anu kadua dibagi dua bagian :

1. Kajadianna ditantukeun ku Nizhamul Wujud ( Sunatulloh) .

Dina hal ieu, maksa manusa pasrah kana eta kajadian. Manusa kudu pasrah luyu jeung katangtuanna, sabab manusa kumelendang babarengan jeung alam jagatraya jeung kahirupan, luyu jeung mekanisme anu tangtu anu teu bisa dirumpakna.. Malah mah sakabeh kajadian anu aya dina lahan ieu aya teu kalawan kahayangna. Di dieu manusa kapaksa diatur jeung teu bebas milih.

Saumpamana, manusa lahir jeung tilar dunya ieu lain kahayangna, manusa teu bisaeun hiber ngawang-ngawang., teu bisaeun leumpang di luhureun cai ku awakna. Manusa teu bisa nyiptakeun warna siki panonna, sirah jeung ragana. Iwal Alloh SWT. anu nyiptakeun sakabehna., kalawan euweuh anu mere pangaruh saeutik oge ,anu ngalantarankeun ti makhluk-Na. Mung Alloh anu ngadamel Nizhamul Wujud anu ngatur alam ieu. diparentah pikeun akur jeung aturan anu geus ditantukeun-Na kalawan teu kawasa pikeun mungpangna.

Kajadian atawa pagawean anu asalna ti manusa atawa anu keuna ka manehna., anu heunteu pisan ngabogaan kamampuan keur mungpangna.

Umpamana : Hiji jalma labuh tina luhur tembok tuluy ngeunaan ka anu lain nepika tiwasna. Atawa, hiji jalma anu nembak manuk tapi teu kahaja keuna ka baturna nepika tiwasna. Kacilakaan pesawat, kereta api, mobil jeung sajabana, alatan karuksakan anu ngadadak anu heunteu bisa dipengparkeun., anu jadi sabab niwaskeun para panumpangna.

Tah eta kabeh conto di luhur disebut qodlo (katantuan Alloh) . Sabab Alloh SWT anu nantukeunnana.
Kulantaran kitu, hiji hamba moal dipenta pertanggungjawabannana tina ieu kajadian, sanajan kacida gedena manfa’at atawa karugianna.; dipikaresep atawa dipikangewa ku manusa, sanajan kajadian eta ngandung kaalusan jeung kagorengan nurutkeun tafsiran manusa. Sanajan iwal Alloh anu uninga kana hakekat hade jeung gorengna eta kajadian .
Ieu kusabab manusa heunteu milu ulubiung dina eta kajadian, sarta heunteu nyaho kana hakekat jeung asal muasal/kesang tukangna kajadianna.
Bari manehna heunteu rumasa ngabogaan kamampuhan pikeun nolak atawa ngadatangkeunna.
Manusa ngan diwajibkeun pikeun ngaimankeun kana ayana qodlo. Jeung ari qodlo eta asalna iwal ti Alloh SWT.

Anapon ari qodar, babaranna nyaeta seperti kieu :
Sakabeh kalakuan , boh aya di lahan anu dikawasa manusa atawa anu nguasa ka manusa , kabeh ngajadi tina barang ngeunaan barang , boh eta mangrupa unsur alam jagatraya , manusa , jeung kahirupan. Alloh SWT geus nyiptakeun sifat jeung ciri khas anu tangtu kana eta barang-barang .
Umpamana , seuneu diciptakeun pikeun ngaduruk.Ari kai boga sifat bisa kaduruk. Peso boga ciri bisa motong, kitu saterusna .
Alloh SWT. geus ngajadikeun ciri sifat anu geus ngawengku luyu jeung nizhamul wujud anu teu bisa dipungpang deui.
Lamun dimana ciri atawa sifat eta mungpang nizhamul wujud , tah eta lantaran Alloh SWT. geus narik sifat jeung cirina. Ngan samodel kitu salah sahiji anu aya di luar kabiasaan jeung ngan iwal kajadian pikeun para Nabi anu jadi mu’jizat ka aranjeunna.

Dina diri manusa diciptakeun gharizah (naluri) sarta kabutuhan jasmani. Dina instink jeung kabutuhan jasmani aya ciri jeung sifat saumpamana barang-barang aya cirri jeung sifatna.
Umpamana , naluri ngajaga jeung hayang boga katurunan (gharizatul nau) geus diciptakeun kadorong ku pangabutuh seksual.
Dina pangabutuh jasmani dciptakeun sifat jeung cirri diantarana lapar, haus jeung sajabana.
Sakabehna diciptakeun ku Alloh SWT ngawengku luyu jeung sunnatul wujud (aturan alam anu ditetepkeun ku Alloh SWT.).

Tah eta kabeh sifat jeung cirri anu diciptakeun ku Alloh SWT. , boh anu aya di barang nyakitu deui naluri jeung kabutuhan jasmani manusa, disebut Qodar (katetepan) .
Sabab Alloh anu nyiptakeun barang, naluri sarta kabutuhan jasmani ; tuluy netepkeun sifat jeung ciri anu tangtu, heunteu datang ujug-ujug, manusa heunteu pisan ulubiung atawa mere pangaruh naon-naon.
Kusabab kitu, manusa wajib ngaimankeun yen anu netepkeun sifat jeung cirri dina unsur-unsur kasebut iwal Alloh SWT.

Dina eta anu geus kasebut ngabogaan qabliyah (potensi) anu bisa digunakeun manusa dina bentuk amal kaalusan lamun luyu jeung aturan parentah Alloh SWT.
Oge bisa digunakeun pikeun nyieun kagorengan lamun mungpang tina parentah Alloh jeung cegahan-Na.
Barang-barang, instink, sarta kabutuhan jasmani datangna ti Alloh SWT , boh eta mah bakal ngahasilkeun kaalusan atawa kagorengan.
Kusabab kitu , wajib pikeun jalma muslim pikeun ngaimankeun kana qodlo, boh eta mah qodlo anu hade atawa anu goreng.
Jalma muslim wajib ngayakinkeun sakabeh kajadian anu aya di luar kakuasaanna eta datangna ti Alloh SWT.
Manusa jadi makhluk anu heunteu ngabogaan pangaruh nanaon dina hal ieu. Manehna teu ulubiung dina masalah ajal, rizki, jeung dirina. Sakabehna ti Alloh SWT.
Cindekna, kaloyoganna kana seksualitas , kaloyogan kana ngabogaan naon anu aya dina instink ngajaga diri, rasa lapar, haus anu aya dina kabutuhan jasmanina, kabehna datang ti Alloh SWT.

2. Kajadianna heunteu ditangtukeun ku Nizhamul Wujud, ngan tetep aya di luar kakuasaan manusa., anu moal bisa disinglar jeung heunteu aya pakait jeung Nizhamul Wujud.

Belum Ada Tanggapan to “Qodlo Jeung Qodar”

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: