Abiazmi’s Weblog
Just another WordPress.com weblog

Mama Ngajarkeun Dagang ka Putra Putuna sareng ka Santrina

Mama Batujajar (KH. Sulaeman) salah sawios Ulama,Ajengan anu resep dagang sareung tani. Bari heunteu ninggalkeun tugas pokokna, janten penda’i , mubaligh anu pinuh ku karismatik. Rupina darah kana dagang ngocor ti Ramana sareung Ibuna . Kapungkur ramana Mama, H. Syarief bin Akubin janten saudagar, icalan kain di Pasar Batujajar. Ari ibuna, H Siti Mulia binti H. Abu Bakar muka restoran.

Icalan dikawitan saparantosna ngawurukan santrina sareung ngurus ingon-ingonna. Anu diicalna diutamikeun hasil tina pertanian para santrina sareung bubuahan anu dipanen ti pasantren. Sampeu, hui, jagong, pare, murbey, tah eta mah hasil tina pertanian para santri. Kopi, kalapa, cau, pisitan, koneng, jahe,muncang, sawo, salak, sjjb eta mah anu parantos nyampak anu aya di tanah di lingkungan pasantren.

Kopi dipoekeun , tos garing digiling dilisung dileupaskeun cangkangna. Ari ngicalna aya sikian, aya oge bubuk kopi, anu siap dikocek sareung gula dikucuran cai, janten ci kopi. Kopi siki disangray dugika hideung asak. Dilebetkeun kana gilingan atanapi ditutu. Ari digiling, aya dua dugika tilu kali balenan. Balenan ka hiji karandel, balen kadua rada lemes, balenan katilu lemes pisan. Ari ditutu mah , kopi anu asak dilebetkeun kana jubleg. Kopi dina jubleg ditutuan kusaurang, atanapi kudua dugika tilu urangna. Tos katingali rada bubuk, dicandakan kana ayakan lemes, diayak . Anu ngayak saurang, anu sanesna mah teras wae nutu. Anu teu kayak dilebetkeun deui kana jubleg.

Ari icalan, anjeunna sok ngajakan putrana atanapi putuna, anu seseringna mah disareungan ku santrina. Maksadna mah kanggo janten pendidikan ka putra, putu sareung santrina. Jaga upami parantos laki rabi tiasa ngajalankeun dagang. Aya kaperyogian Mama kuanjeun kanggo generasi ngalanggengkeun perusahaanna sareung ngembangkeun perdaganganna.
Kujalan kitu, upami anu nungguan warung atanapi anu biasa ngical atanapi nawiskeun barangna aya pamemangan , bakal aya anu ngagentosna.

Barang daganganna aya anu disimpeun di toko anjeunna. Aya oge anu ditawiskeun langsung ka para Bandar. Ari ngicalna heunteu ngan ka Bandar anu aya di Batujajar wae, oge sok ditawiskeun ka Bandar anu aya di Cihampelas , Cililin jeung sajabina . Sadaya Bandar aya hubungan dagang sakaligus hubungan ngaos. Banda-bandar eta remen ngiring ngaos ka Mama. Di icalna aya anu langsung ku Mama aya deui anu ngalangkungan pelantara santri-santrina.

Mama oge kantos muka matrial , icalan kayi sareung barang-barang anu diperyogikeun dina ngabangun.
Kayi kenging meseran ti masyarakat atanapi ti para jama’ahna anu peryogieun artos kes, peryogi kanggo kaperyogian anu ngadadak, atanapi kanggo ngagaleuh kaperyogian sadidintenna.
Mama ngagaleuhan kayi tangkalan, diragajian ku para santrina. Kayina diical di matrialna. Ari suluhna aya anu di ical ka pabrik bata atau pabrik kurupuk, aya oge anu diical di warung/toko matrialna. Ngical suluhna mah aya anu diartosan langsung atanapi dibarter sareng barang anu sapangaos sareng suluh anu diical.

Dagang kanggo Anjeunna dijadikeun ajang da’wah ka masyarakat.
Anjeunna sanes Ulama anu gila hormat. Eta we, upami silaturhami teu pulah pilih , mana anu beunghar, mana anu miskin, mana anu pinter mana anu bodo, mana pangkat mana rakyat. Sami sadaya kedah dida’wahan, heunteu aya istilah “ngajaga jarak” atanapi “jaim, jaga immeg”. Sadaya diladenan, heunteu ningali turunan atanapi darajat.
Masyarakat bruk brak dina ngajukeun pamadeganna sareung ngadugikeun kahoyong sareung sagala pertarosan , boh dina papagon agama atanapi masalah dunyawiah.
Sabari dagang tiasa ngajurus ka urusan ngaos anu heunteu langsung sepertos di madrasah atanapi di majlis ta’lim. Sing horeng ari namina da’wah mah heunteu kedah di madrasah atanapi di majlis ta’lim wae. Di toko , di pasar, di jalan atanapi dimana wae , da’wah mah tiasa dijalankeun.

Dagang mangrupikeun ajang ngembangkeun da’wah.
Ari angkat nyumpingan Bandar, Mama sok nganggo delman atanapi keretek, boh ka anu caket atanapi ka anu tebih. Anu kaetang caket nyaeta anu aya di sabuderan kacamatan batujajarn diantawisna ka Citunjung, Pangauban, Kandang Sapi, Galanggang, Cangkorah, Salacau.. Anu kaetang tebih nyaeta anu aya dina sabuderan luar ti Kacamatan Batujajar atanapi tatanggana kacamatan, sepertos Cihampelas, Cimareme, Cipatik, Citapen, Cililin, Cigondewah, Cimahi , Cibeber, Padalarang sareung sajabina.

Kukituna , seueur pisan langganan anu caket atanapi anu tebihna. Ari icalan sakaligus silatuhami nya dugika ngayakeun pangaosanna. Da’wah tiasa dikembangkeun ka sababaraha tempat alatan dagang. Ari langganan sadayana bakal pawartos-wartos, nya payus pisan da’wah bakal enggal nyebar bari heunteu hese. Ari balanja mah gening ti kawit budak nepi ka sepuhna.
Alhamdulillah ku jalan dagang tiasa silaturahmi sareung da’wah ngembangkeun ajaran Islam ka lapisan masyarakat duki ka lapisan anu panghandapna.

Dagang janteun sumber pembiayaan pengembangan sarana prasana da’wah
Anjeunna ngabiayaan pembangunan madrasah tara sok ngarepotkeun pamarentah , tara umang ameng proposal.
Tapi tara nampik upami aya anu bade ngiringan kana sagala kasaean, asal ulah tina barang anu haram.

Ari pangaosan mingguan sadaya oge dijamu dituangkeun. Tara seepeun dana kanggo ngabiayaan sadayana. Komo ieu ngabangun sarana da’wah sareung ibadah, masyarakat ngaestokeun pisan. Emutanna , ari pembangunan mah kaperyogian sadaya masyarakat pada umumna.

Dina pembangunan sarana da’wah heunteu sesah, sifat gotong royong anu aya di masyarakat ngabantos pisan dina ngabantos ngayakeun sarana prasarana.
Eta we, ari ngabangun madrasah atanapi masjid, masyarakat antusias pisan ngarojongna, boh ku materi sumawon ku tanaga sareung emutan.
Dugika masyarakat teh ngajadwal , ngabagi-bagi tugas kanggo ngarengsekeun pembangunan sarana da’wah . Kagungan kayi nyumbang kayi, kagungan bata nyumbang bata, kagungan pasir nyumbang pasir, kagungan semen nyumbang semen, dukika katuangannana tara lebar dishedahkeun kanggo anu didamel ngarengsekeun pembangunan..

Komo ari tukang dagang mah, da remen angkat ka pasar, aranjeuna mah ngagaleuh langsung ka matrial, kumaterial dikirimkeun ka tempat ka anu nuju ngabangun. Terkadang mah panitia teu apaleun saha anu ngirim barang, da eta anu ngirimna hamba Alloh, hamba Alloh seueur , eta oge ti toko material sok ngarusiahkeun ti saha-sahana , anu ngirimna teu sadiaeun dicantumkeun namina.
Nyakitu deui ari materi mah teu gaduh mung tiasa ngiringan soteh ku tanaga, nyumbang kutaga., sanaos kedah ngorbankeun kabiasaan aranjeunna ka sawah atanapi ka kebon.

Ari Emi , bojona Mama rajin ngadamelan batik (ngabatik). Sadidintenna dina waktos anu lowong/salse ,anjeunna ngamangfaatkeun waktosna ku ngabatik. . Anjeunna tekun upami ngabatik, tara bet kaganggu ku anu sanes, jonjon wae ngabatik dugi karengsena. Eta oge ngabatikna upami paratos beres ngalaksanakeun kawajibanna sebagai kaum istri.

Sanes ti ngabatik , oge Emi sok ngadamelan bordel dina tiung atanapi mukena. Kaleresan Emi tiasa ngajahit anggoan.Eta deuih, ari Emi mah upami aya anu soek atanapi aya anggoan anu reksak tara bet miwarang anu sanes, dilereskeun dideluk ku nyalira..

Nyakitu deui, sanes ti sok ngabatik sareung ngaput Emi rajin ngadamelan kueh atanapi gorengan , aya goring cau, sampeu , hui, cuhcur, bala-bala, ranginan, opak, sale sareung sajabina. Malih mah , saupamina aya cau anu laladu, dimanfaatkeun didamel sameprot atanapi langesing. Bahanna sameprot sareung langesing sami . Bentenna ,ari sameprot mah digoreng ,ari langesing diseupan.

Hasil ngabatik sok diical ka wargina atanapi ka ibu-ibu anu sok ngaos ka Mama.
Eta we ari sateuacanna ngaos anjeunna sok nyandak ka madrasah barang-barang anu aya anu diperyogikeun ku ibu-ibu pangaosan. Sabari ngantosan Mama sumping sateuacan ngaos dikawitan, ibu-ibu sumpingna ti awalna pisan. Saparantos beberes ,sasapu sareung ngabersihkeun sareung ngarapihkeun tempat anu bade dianggo pangaosan. Ibu-ibu ngaos nadoman, sholawat sareung pupujian. Dina waktos eta, aya anu icalan katuangan, aya anu icalan barang-barang anu diperyogikeun.

Belum Ada Tanggapan to “Mama Ngajarkeun Dagang ka Putra Putuna sareng ka Santrina”

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: