Abiazmi’s Weblog
Just another WordPress.com weblog

Pangalaman Pemuda Anshor Di Pasantren Assalafiyyah Batujajar

Dina waktu usum PKI taun 65 an , Pasantren Batujajar jadi inceran gorombolan PKI. Pangpangna para gembong PKI Batujajar teh boga niatan rek ngarogahala Mama Batujajar (Mama Sulaeman) jeung sabondoroyotna. Da eta we beja na nu ngaranna Mama Sulaeman aya dina daftaran anu rek ditilasan ku maranehannana urutan kacida diperhitungkeunnana Urutan saterusna para putrana , jeung para ajengan anu sok ngaos ka Mama, atawa para tokoh anu sok ruang ruing di Pasantren.

Tah kulantaran kitu ,para tokoh jeung para santri ngajukeun usul ka tokoh sarta pengurus Nandhatul Ulama (NU) jeung Ansor Batujajar sangkan ngajaga Mama jeung keluargana. Mama Batujajar kawilang pupuhuna tokoh NU anu ngawitan aya NU di daerah Batujajar.

Para pengurus NU jeung Ansor ngayakeun rapat , babadamian dina ngeunaan strategi dina ngajaga kaamanan jeung ngalawan kadholiman sakaligus numpes PKI jeung antek-antekna.. Para pengurus ngusulkeun supaya ngajagana beurang jeung peuting.

Anggota Ansor dijadwal pikeun ngajaga Mama. Unggal poe oge aya anu jaga, antara 4 nepika lima urangna atawa leuwih, komo lamun pere sakola mah ti anggota Pandu oge sok rajeun hayang miluan.

Dina waktu genting-gentingna bumi Mama sok pinuh ku anu nungguan . Komo lamun seug geus aya beja PKI arek nyerang poe anu geus ditangtukeun. Anu ngajaga dibagi dua kelompok , kelompok anu kahiji di luar , kelompok anu kadua di bumi Mama. Anu ngajaga mawa pakarang sewang-sewangan. Aya anu mawa bedod,pedang, bambu runcing atawa panenggel., atawa naon wae anu sakirana bisa dipake dimana papuket gelut ngalawan musuh.

Dina hiji mangsa anu jaga kapulesan . ngajarepat bari kerek di Masjid Pasantren. Waktu samemeh shalat shubuh Mama ngagugahkeun para santri jeung anu ngajaga. Kusabab cape ti isuk terus-terusan ngajaga, atuh shalat shubuh masbuk. Anu jaga , kahudangkeun soteh siga aya anu nincakan awakna ku sababaraha urang .Ari barang hudang di Masjid katingalina loba anu milu berjamaah sholat shubuh.

Anu ngajaga heran, ngomong ka babaturannana , bari ngahudangkeun babaturannana deui . “Iyeuh , hudang …hudang … sholat shubuh . hudang , era loba tamu.” Anu lian oge ningali yen di Masjid loba jelema. “Enya, we nya, loba jelema. Iraha daratangna?” ceuk anu karek hudang.
“Teuing atuh, kuring oge teu nyaho” ceuk babaturanna ngajawab.
Anu jaga heran naha bet loba tamu, padahal peuting mah euweuh tamu

Sanggeus shalat shubuh , anu jaga sing karecuis , ngobrolkeun kajadian anu can lila geus kajadian ,anu ngarasa aneh pikeun maranehannana mah , da tara biasana , tara sasari eta kajadian. Lamun enya oge bakal aya tamu, Mama sok ngawartosan heula. Unggal aya tamu oge , Mama mah sok ngajamu. Ari iyeu teu aya hibar tianggangna ti Mama.
Pikeun ngajawab sagala kapanasaranna, pabeubeurang maranehannana ngabring indit ka bumi Mama. Kaleresan Mama nuju aya di bumina. Nuju maraban manuk pilaraanna, diantarana manuk tikukur sareung manuk uter.

Padamelan Mama sadidinten biasa, ari saba’da ngawurukan sareung sholat Dhuna ,Mama disareungan santrina maraban manuk sareung hayam , diteraskeun moe-moekeun sale cau. Lamun usum panen kopi, moekeun kopi. Lamun usum pare, moekeun pare.. Lamun usum kapol, moekeun kapol.

Manuk anu aya di bumi dikaluarkeun dipoyankeun, digantungkeun di payuneun bumina . Ari sale cau mah dinyiruan, atawa ditampiran dipoekeun di luhur kenteng. Kopi, kapol jeung pare mah dikarungan dipoekeun make giribig di payuneun madrasah .

Salah saurang anggota Anshor naroskeun ka Mama, “Saha anu ngiring berjama’ah teh . Ma ?
“Naha loba anu berjama’ah shalat shubuh kitu , saha atuh nya “. Mama heunteu ngajelaskeun .
“Anu katinggal mah seueur pisan , Ma” Anggota Anshor ngajawab.
“Enya, saha atuh?” Mama angger teu ngajelaskeun.
“Tah, mening oge iyeu yeuh sameprot ,geura aropi., Emi (Istrina Mama) titatadi ngagorengan sameprot, nyadiakeun keur aranjeun.” Mama nyuguhan samperot jeung cikopi panas.

Ari sameprot teh cau anu geus laladu diteukteukan ,dilembutkeun dihijikeun jeung tarigu, digoreng sasendok-sasendok.
Lamun anu heunteu digoreng , dibungkus ku daun cau , nya diseupan, disebut rangesing. Lamun aya mah mantegana sok dicampuran matega ,ditambah gula bisi kurang amis. Ari dipageuhanna ku nyere anu dipotongan disebut seumat.

Atuh angggota Anshor ngaropi, segut bangun anu narikmateun. Eukeur-eukeur mah lalapar, da acan kaeusian nanaon, ari iyeu opieun haraneut. Sarerea oge teu antaparah deui sanggeus disokkeun teh.

Sajeroning ngopi, anggeur maranehna teu ngarasa puas ku jawaban Mama kitu. Dina pikirna , lamun seug engke aya Mang Haji Ure atawa Mang Haji Buya Bedog rek ditanyakeun sangkan jawabanna puas. Sugan we Haji Ure jeung Haji Bedog mah apaleun, jeung daek ngajelaskeunna. Haji Ure jeung Haji Bedog mah santri Mama anu senior, santri anu geus moyan. Sigana mah loba pangalamannana.

Ari beres mah ngaropina, sarerea oge pamit ka Mama . Sarerea sungsong sasalaman ka Mama sareung ka Emi.

Di buruan pasangrok jeung Mang Oyi keur meresan suluh sawo maja , anu karek ditempolan. Mang Oyi ngageoan ka anu geus ti Mama . Bari nanyakeun ka anu nyalampeurkeun, “ Aya naon Cep tos ti Mama, naha aya rencana nyerang PKI. Lamun seug aya penyerangan ka PKI, Emang hayang milu berjuang . Kabeneran kamari Emang dihadiahan bedog panjang ti Pa Haji Bedog.?”

“Ah, heunteu, mang. Lain ngabejakeun rencana penyerangan. Tadi keur Sholat Shubuh loba pisan anu milu sholat diberjama’ah, bari teu arapal saha eta teh . Kira-kira emang apal saha anu miluan berjama’ah? Ceuk salah saurang anggota Anshor nanyakeun ka Mang Oyi.

“Oh, kitu nya……!!!” Mang Oyi balik nanya, bari ngajakan diuk di hareupeun Lisung.
“Ari pamanggih Emang mah kieu. Bareto Emang nalika mupu kopi di kebon anu kaler. Aya sora anu datang ti belah kulon kacida jelasna . Anu kareungeu sora Assalamu’alaikum , bari aria nu ngucapkeunna teu katingali , teu apal. Ari teu lila aya maung keur depa. Emang teh reuwas, gura-giru wae turun , ngabereskeun tambang jeung nyokot kojong anu geus aya kopian. Teu antaparah deui Emang lumpat, salumpat salampit.
Nepi ka dapur, kabeneran aya Mama parantos ti jamban. “ Ku naon mang? Aya naon , siga aya anu ngabeberik.?” Saur Mama bari nyampeurkeun.
“Muhun Mama, abdi wangsul ti kebon parantos mupu kopi”, Mang Oyi ngawaler bari ngadongengkeun kajadian di kebon kopi.
“Kade , ulah diheureuyan. Maung eta mah moal nanaon, asal ulah diganggu. Eta rek ngabaturan Emang ngala kopi. Naha Emang bet lumpat sagala. Da , moal nanaon.” Saur Mama .bari gumujeng.
“Ari Emang nanyakeun ka Mang Utar, eta teh khadamna Mama. Tah kusajab kitu, boa-boa anu miluan berjama’ah oge eta khadamna Mama kabehannana.” Mang Oyi ngajelaskeun kalawan pertentang.
“Oh.. kitu .., nya Mang” ampir bareng eta anggota Anshor ngajawab.
“Tah , ari kitu mah teu panasaran. Kuring sarerea bakal tibra sare” ceuk jang eyep ka babaturanna.
“Nya, atuh mang hatur nuhun kana penjelasanna, da kusabab geus beurang kuring sarerea arek balik heula. “ ceuk mang utom ngajakan kababaturanna balik.

Belum Ada Tanggapan to “Pangalaman Pemuda Anshor Di Pasantren Assalafiyyah Batujajar”

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: